Pidato Perpisahan Bahasa Sunda



Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Thegorbalsla

Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan

Pidato atau biantara dalam bahasa Sunda, memiliki banyak tema mulai dari tema pidato Bahasa Sunda tentang perpisahan atau paturay tineung, pidato bahasa sunda tentang hari-hari besar umat Islam, pidato bahasa sunda tentang hari besar nasional, dan masih banyak tema yang lainnya.

Contoh Pidato Bahasa Sunda Perpisahan / Paturay Tineung dari Murid Kepada Guru

youtube.com
Bapa Kepala Sekolah sarta bapa-ibu guru pendidik, pem. bingbing anu ku simkuring dihormat.

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

ALHAMDU LILLAHI, RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU ‘ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN.

Langkung tipayun manjatkeun puji sareng syukur ka hadirat Allah SWT. kalayan rahmat, hidayah sarta inayahna urang sadaya tiasa patepung lawung patepang wajah dina acara Paturay Tineung …………………. Salajengna shalawat sareng salam mugi tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya Kangjeng Nabi SAW., ka para kulawargana, para sahabat sadayana tug dugi ka urang sadaya salaku umat anjeunna. Dina kasempetan ieu simkuring atas nami rerencangan sakelas ngahaturkeun nuhun ka bapa Kepala Sekolah serta bapa-ibu guru sadayana.

Nu mana berkah jasa-jasa sarta pangabdian bapa-bapa sareng ibu-ibu guru dina ngadidik,ngabingbing sareng ngajar simkuring kalayan pinuh katekunan, kasabaran, katawekalan, sahingga simkuring sadaya hasil ngarengsekeun diajar kalayan sukses sarta nilai nu ngagumbirakeun. Sajabi ti eta simkurin’g oge ngaraoskeun ayana kaakraban hubungan antara simkuring’ sareng bapa-ibu guru sadayana salami simkuringydiajar di sakola ieu, sehingga karaosna ku simkuring sapertos dina asuhan nu janten sepuh bae.

Jalaran hal ieu, simkuring ngaraos a’bot sarta susah kanggo mopohokeun kenangan jasa-jasa sae bapa-ibu guru sadayana nu parantos nempel dina hate sanubari simkuring. Salajengna dina kasempetan ieu simkuring mung tiasa manjatkeun do’a ka dzat Allah Nu Maha Kawasa, mudahmudahan bapa-ibu guru sadayana salamina dipaparin kakiatan, kasehatan, kasajahteraan sarta salamina dilindunganaNa.

Margi kajaba mung ku do’a ieu simkuring ngaraos teu mungkin mampuh pikeun ngawales jasa sarta budi bapa-ibu guru anu teu kaetang seueurna nu parantos dipaparinkeun ka simkuring sadaya Mangka dina kasempetan ieu, simkuring teu hilap ngahaturkeun nuhun sarta nyuhunkeun maaf anu saageung-ageungna tina sagala kahilapan boh nu dihaja atawa nu teu dihaja atawa aya perilaku anu teu saluyu sareng kahoyong para bapa-ibu sadaya salami simkuring janten anak didik di sakola ieu.

Akhirna kalawan parasaan abot pikeun ngantunkeunnana, mudah-mudahan ku bekel nu parantos kapimilik ti bapa-ibu guru simkuring sadaya tiasa ngagunakeunnana sakumaha mistina pikeun ngudag sarta ngahontal citacita simkuring sadaya. Akhirul Kalam, Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh

Contoh Pidato Bahasa Sunda Perpisahan / Paturay Tineung dari Guru Kepada Murid

ristekdikti.go.id
Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

ALHAMDU LILLAHI RABBIL’ALAMIN WABIHI NASTA’INU ’ALA UMURID DUNYA WADDIN WA’ALA ALIHI WASHAHBIHI AJMA’IN.

Bapa ngucapkeun syukur Alhamdulillah ka Pangeran Nu Maha Kawasa ku ayana hidep geus lulus tina ujian akhir kalawan nilai nu cukup ngagumbirakeun, eta kabeh hasil tina jerih payah aranjeun ngagunakeun waktu pikeun soson diajar. Moal sababaraha lila deui hidep bakal ninggalkeun ieu patempatan, tempat hidep diajar, tempat hidep nyiar elmu, oge sajabana eta hidep tangtu bakal ninggalkeun ibu-bapa guru.

Hidep sadayana! Ti. bapa amanat keur hidep di mana bae ayana poma ulah dugikeun ka poho kana kawajiban urang salaku manusa, gunakeun hirup hidep eta sahade-hadena, mungpang-meungpeung hidep masih keneh ngora, te’ruskeun nungtut elmu teh nepi ka hidep hasil ngahontal cita-cita anu dimaksud. Malahan jungjunan urang sadaya marentah sangkan terus nyiar elmu pangaweruh sahingga nepi kana liang kubur, nu hartina; salila urang hirup diwajibkeun nungtut elmu pangaweruh, pikeun bekel hirup tur kahirupan urang sarerea. . Salah sahiji katerangan hadits Rasulullah SAW. netelakeun kieu:

‘ THALABUL ‘ILMI FARIDLATUN ’ALA KULLI MUSLIMIN WAL MUSLIMATIN MINAL MAHDI ILAL LAHDI. ”

Kawajiban nyiar elmu teh ti mimiti lesot tina aisan nu jadi indung nepi kana liang kubur. ” Kabagjaan teh hiji hal anu ku sarerea dipikahayang, sagala rupa oge aya jalanna, jalan ka surga nyaeta elmu. Surga tujuan akhir tina sagala kahirupan, surga teh hiji tempat anu pinuh ku kani’matan Pangeran. Pikeun ngaronjatkeun kabagaan surga teh perlu sarana, di antarana taqwa, nyaeta ngalaksanakeun sagala parentahNa jeung ngajauhan sagala anu dilarangNa. Ku taqwa pasti surga bakal kahontal, sabah surga teh disadiakeun pikeun jalma anu taqwa, sakumaha dawuhan Allah dina Al Qur’an sura Ali Imran ayat 133:

WASAARI’U ILA MAGHFIRATIN MIRRABBIKUM WAJANNATUN ’ARDLUHAS SAMAAWAATU WAL ARDLU U’IDDAT LILMUT‘ TAQIN.

”Jeung prak maraneh geura paheula-heula ngahontal pangampura Allah jeung surga anu legana sarua jeungpirangpirang langit katut bumi, anu dicawiskeun pikeun jalmajalma anu taraqwa. “

Elmu nu ku hidep katampa masih keneh saeutik, ku sabah kitu teruskeun sakola hidep sangkan hidep jadi jalma anu pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Dawuhan Allah dina Al Qur’an nu hartosna; Bejakeun ku maneh Muhammad lamun mah lautan jadi mangsina (pikeun nuliskeun kalimah-kalimah Allah) pasti bakal beak eta lautan samemeh beak ditulis kalimah-kalimah Allah sanajan ditambah sakitu deui.

Sakitu ti bapa mudah-mudahan jadi bahan peringetan pikeun hidep dimana hidep tangtu bakal paanggang jeung bapaibu guru di dieu, sarta bapa ngadorong ku do’a pikeun hidep sarerea, bral geura miang nyiar luang pikeun bekel kahirupan hidep.

Akhirul Kalam, Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh

Contoh Pidato Bahasa Sunda Perpisahan

jobsdb.com
Para saderek sadaya anu ku simkuring dihormat.

Assalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

ALHAMDU LILLAH NAHMADUHU WANASTA’INUHU WANASTAGHFIRUH‘WANA’UDZU BILLAHI MINSYURURI ANFUSINA ’WAMIN SAQYYIATI A’MA LINA MAN YAHDIL LAHU FALA MUDLILLALAH WAMAN YUDLILHU FALA HADIYALAH.

Saleresna simkuring kacida abotna kanggo papisah, sanajan mung samentara waktu sareng saderek sadaya nu parantos ku simkuring dianggap sabage kulawarga simkuring bae. Namun tangtos para saderek sadaya parantos uninga ku lungsurna SK. Pimpinan Perusahaan nomor ………………….. tanggal ………………. simkuring ditugaskeun kanggo ngabantu demi perkembangan cabang perusahaan ieu anu aya di kota …….. …………………………………………. Para saderek sadaya, janten dina kasempetan pang akhirna ieu kanggo simkuring dina patepung lawung patepang wajah sareng para saderek sadaya.

Kumargi kitu, dina kasempetan ieu simkuring ngucapkeun syukur sareng ngahaturkeun sewu nuhun kana sagala bantuan sareng kerja sama salami simkuring tugas di perusahaan ieu. Margi tanpa ayana bantuan sareng kerja sama ti para saderek sadaya, simkuring salaku karyawan, moal mungkin tiasa ngalaksanakeun tugas nu parantos dibeban’ keun ka simkuring. Harepan simkuring, mudah-mudahan sadikantunna ku sim-kuring engke s,, cerek sadaya tetep tiasa terus miara kerja sama sareng papada “**”eabaturan, sarta salamina mudah-mudahan tiasa ningkatkeun sumanget sareng disiplin dina ngalaksanakeun tugas saderek sadaya.

Sabagi ucapan nu pangakhirna kalayan simkuring ngaraos abot kanggo papisah saderek sadaya, mudah-mudahan Allah SWT. manjangkeun yuswa urang sadaya kalayan tiasa babakti ibadah ka Anjeunna sarta mudah-mudahan urang sadaya tiasa patepangideui dina sanes kasempetan. Mudah-mudahan Allah ta’ala salamina ngalimpahkeun rahmat sareng karuniaNa ka urang sadayana. Aamiin

Wassalamualaikum Warahmatulahi Wabarakatuh

Gallery Pidato Perpisahan Bahasa Sunda

8 Contoh Pidato Singkat Perpisahan Pendidikan Bahasa

Contoh Pidato Bahasa Sunda Bahasa

Pidato Sunda Perpisahan

Pidato Bahasa Sunda Bertemakan Perpisahan Kelas 6 Singkat

Teks Ceramah Lucu Bahasa Jawa

Pidato Bahasa Sunda 6nq850koo9nw

Pidato Bahasa Sunda 6nq850koo9nw

Contoh Pidato Perpisahan Bahasa Sunda Biantara Perpisahan Sd

Contoh Pidato Perpisahan Sekolah Dalam Bahasa Sunda Beserta

Tugas Pidato Bahasa Sunda Alifah Wek Wek

5 Contoh Pidato Perpisahan Kelas 6 Terbaru Lengkap

Doc Nama Tika Yoga Smp39 Academia Edu

3 Contoh Pidato Bahasa Sunda Tentang Perpisahan Paturay

Kumpulan Soal Pelajaran 1 Contoh Pidato Bahasa Sunda

Naskah Pidato Video Search Engine At Search Com

Contoh Pidato Bahasa Sunda 1 1 0 Apk Androidappsapk Co

Pidato Bahasa Sunda Perpisahan Docx Google Drive

Contoh Pidato Bahasa Sunda For Android Apk Download

Contoh Pidato Bahasa Sunda Apk Download Latest Version 1 0 0


0 Response to "Pidato Perpisahan Bahasa Sunda"

Post a Comment

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel